DESA WISATA RAJADATU NGARUMAT SENI TRADISI
DESA WISATA RAJADATU NGARUMAT SENI TRADISI
Ku : Agus Gunawan, SPd.
Ari anu dimaksud Desa Wisata nyaƩta Desa
anu jadi pangjugjugan wisatawan kusabab miboga magnƩt ( daya tarik ) anu aya
di Ć©ta wewengkon.
Desa Wisata payung hukumna nyaƩta undang-undang no.15 taun 2019 . Ari tujuan ayana Desa Wisata
diantarana ngabantu program pamarƩntah dina widang obyek wisata alternatip,
ngagali potensi wisata anu aya di Desa, ngurangan Urbanisasi, nyieu lapangan
pagawƩan anyar, miboga rasa reueus ku
kamajuan Desana, ngaraketkeun silaturahmi antara pribumi jeung pabuaran, ningkatkeun
Ʃkonomi masyarakat ku cara dagang hasil kebon, hasil tatanƩn, hasil perikanan,
peternakan, dagang kuliner kearipan
lokal, dagang karajinan tangan, mintonkeun seni budaya tradisional lokal, jeung
nusƩjƩna.
Lamun Desa Wisata hayang maju
kudu nerapkeun Sapta Pesona, nyaƩta AMAN, TERTIB, BERSIH, SEJUK, INDAH, RAMAH,
jeung KENANGAN dina kahirupan sapopoƩ di Desa Wisata.
Desa wisata mah Desa anu
nyuguhkeun kaayaan asli Desa, saperti kahirupan sapopoƩ, Ʃkonomi, pakasaban,
adat istiadat, jeung wawangunan imah
asli di padesaan.
Lamun hiji Desa hayang jadi Desa
Wisata, aya 7 lƩngkah anu kudu dilakonan. NyaƩta mimitina kudu nyieun pemetaan potensi Desa, tuluy ngalibatkeun masyarakat jeun intansi terkait,
ngrarancang jeung ngembangkeun
inprastruktur, ngembangkeun produk jeung pengalaman wisata, pemasaran
jeung promosi Desa Wisata, pengelolaan dan keberlanjutan, jeung pangwangunan
Desa Wisata disagala widang.( wikipedia )
Dina tanggal 21 Oktober 2023 di
Lapang Sepak Bola Desa Rajadatu diayakeun hiji kagiatan Pentas Seni jeung Kirab
barang-barang Kuno titinggal Karajaan Galuh anu sumebar di masyarakat Desa
Rajadatu anu nyandak jejer Pekan Kreativitas dan Apresiasi Tradisi ( PEKAT )
anu dialpukahan ku Lembaga Budaya Yayasan Putra Santana Mandiri Desa Rajadatu.
Kagiatan ieu dina raraga
Milangkala Desa Rajadatu anu Ka- 102 taun.
Panatacalagara kagiatan
Milangkala Desa Rajadatu HĆ©lmi HĆ©rliana masihan katerangan ka Sunda Midang
dina acara PEKAT Pagelaran Gebyar Seni jeung Kirab Benda Pusaka di
Lapang Santana Desa Rajadatu.
" Alhamdulillah, Desa
Rajadatu tiasa ngawujudkeun acara Pekan Kreativitas Apresiasi Tradisi ( PEKAT )
ku ngayakeun Gebyar Seni sareng Kirab
Benda Pusaka patitingal Kerajaan Galuh tiasa kalaksanakeun kalayan lancar.
Simkuring atasnami Panatacalagara nganuhunkeun ka Bapa Sekdisdikbud sareng ka
Ibu kabid kebudayaan ti Disdikbud oge ka pendamping desa wisata Kabupaten
Tasikmalaya anu parantos tiasa hadir nedunan pangulem simkuring saparakanca.
Ngahaturkeun nuhun ogƩ ka unsur Muspika Kecamatan CinƩam Bapa Camat, Bapa
Danramil, kalih Bapa Kapolsek. OgƩ hatur nuhun kana kasumpinganana ka Bapa
Kades Rajadatu, Kades Madiasari, Kades Ancol, Kades CinƩam, Kades Cijulang,
KadƩs Cikondang, Kades Pasirmukti, Kades Cisarua, Kades Ciampanan, Kades Nagaratengah,
Kades Citalahab, Kades Sirnajaya, sareng Kades Karanglayung.
Teu hilap ogƩ ka Lingkung Seni ti
dua Kacamatan, ti Kacamatan CinƩam sareng Kacamatan Karangjaya, anu parantos
ngarojong acara ieu ku nyumpingkeun rupi-rupi kasenian Tradisional sapertos
Pencak Silat, Reog, Kuda Lumping, Calung, Barongsay, Dongkol, Angklung,
RonggƩng gunung, Lais, Wayang GolƩk, Sisingaan, Jaipongan, Kacapi Suling sareng
nusanƩsna
Lingkung Seni sareng Padepokan
anu tiasa hadir aya 20, nyaƩta Lingkung Seni Putra Pusaka Bakti Desa
Pasirmukti, PadƩpokan Darma Putra Saluyu Desa Madiasari, PadƩpokan Pusaka
Karuhun Desa CinƩam, Lingkung Seni Karya Bakti Desa Ciampanan, PadƩpokan Pajar
Bakti Jaya Saputra Desa Cisarua, PadƩpokan Djanggadipa Desa Madiasari, Lingkung
seni Panjiboma Desa Ancol, Padepokan Putra Kiara Desa Karangjaya, Lingkung Seni
Pancar Ligar Desa Sirnajaya, Lingkung seni Calung Kombinasi Gentra Pangguar
Rasa Desa Rajadatu, Lingkung seni ibing tayub Mekar Budaya Bakti Desa
Ciampanan, Padepokan Jaya Pusaka Desa Karangjaya, Padepokan Dangiang Pusaka
Sukapura Desa Ciampanan, Padepokan Putra Jagat Desa Cikondang, Padepokan Satria
Maung Lugay Desa Ciampanan, Padepokan Pusaka Kampung Baru Desa Cikondang,
Paguyuban Tosan Aji Panji Bongsar Desa Cineam, Padepokan Putra Panggugah Rasa
Desa Citalahab, Lingkung Seni Putra Santana Desa Rajadatu, Lingkung Seni Pusaka
Mekar Budaya Desa Karanglayung.
Teu kakantun nganuhun ka Paguyuban Tosan Aji Panji Bongsar, Musium anu ngarumat barang-barang Pusaka patitingal Kerajaan Galuh anu ngiring
ngarojong acara Milangkala Desa Rajadatu ku mintonkeun pakakas sareng barang-barang Kuno sapertos Keris Pusaka
Sagaluh, Keris Papayung Desa Rajadatu, Mahkota, sareng benda Kuno sanƩsna.
Desa Wisata Rajadatu anu
diistrƩnan janten Desa Wisata ku Bupati Tasikmalaya kalih Disparpora kabupaten
Tasikmalaya, miboga kearipan lokal conto dina widang kasenian aya lingkung seni
anu ngamumulƩ jeung ngarumat seni tradisional nyaƩta Pencak Silat, Calung, Kuda Lumping,
Sisingaan, Kacapi Suling, sareng nusanƩsna. Dina widang pertanian ogƩ warga tos
ngabudidayakeun gedang Kalifornia,
cabƩ, kangkung, parƩ, saledri, salada, sareng nusanƩsna. Dina widang perikanan
warga tos nyoboan melak lauk lƩlƩ sareng jaƩr ku sistim bioflok. Dina widang UMKM warga Desa
Rajadatu ngadamel kerajinan alat kesenian calung, ngadamel bƩsƩk pipiti,
ngadamel kuƩ kering/ kuƩ basah, opak, home industri munuman honjƩ, minuman
herbal tƩh Bunga Telang, budidaya madu teuweul,
sareng nusanƩsna. OgƩ Di Desa
Rajadatu parantos produksi kerajinan Batik Rajadatu, sok sanaos masih
lƩlƩngkahhalu namun pemasaran/ pesanan ngeureuyeuh.
Perkawis obyek wisata unggulan
lokal, ayeuna nuju dikembangkeun obyek wisata Bukit Sumingkir, sareng Arena Adrenalin
Sepeda Gunung ngurilingan Desa Rajadatu ti ngawitan jalan aspal, jalan taneuh,
jalan babatuan, jalan bƩcƩk, sareng jalan anu nguji kawani, dipungkas ku
susuguh Sangu Liwet Has Rajadatu. Sinareng rencana tahun 2024 bade muka pasar
mingguan anu di meriahken ku rupi-rupi pentas seni sareng bazar-bazar UMKM.
Kamajuan Desa Rajadatu teu leupas
tina pangrojong masyarakat, karancagƩan perangkat Desa, sareng kaparigelan
Badan Usaha Milik Desa ( Bumdes ) SANTANA anu dikokolakeun ku Dadang Noor
Iskandar ( Direktur ), Pria Natakusumah, SPd ( Sekretaris ), Ii Taufik Rakhman,
S.HI ( Bendahara ), Bahri Arifin ( Pengawas ), Drs.Tatang Somantri ( Pengawas
), Bayu Azis Nugraha, ST ( Pengawas ).
Widang usaha Bumdes Santana Rajadatu diantawisna EDC BRI Link, Kolam Pemancingan, Kebun Pepaya, Ternak Ayam, Perikanan MujaƩr, Ternak Domba, Mesin Aduk, PAM Pusakamukti, Industri Batik, Warung Rental, Toko Sparepart, UMKM, Budidaya CabƩ Rawit, Budidaya Palawija, BRI Link, Budidaya Ayam Petarung, Sarana Olahraga, Sewa Kursi, sareng anu sanƩsna.
Harepan pikeun generasi muda, teu
nanaon urang lunta ka Kota pikeun nƩangan Ʃlmu jeung pangalaman, tapi kudu
inget ka lembur, kudu ngamajukeun sarakan tempat kalahiran urang, ku cara
nerapkeun Ć©lmu jeung pangalaman anu geus sukses, supaya Desa urang bisa maju
saperti Desa-desa sejenna, sapertos Desa
Taraju anu kengging Juara Desa Wisata tingkat Nasional taun 2023, atanapi Desa
Cisayong, sareng Desa wisata sanƩsna anu tos maju. Harepan simkuring saparakanca
ka Pamarentah daƩrah, supados tiasa ngabantos masihan pasilitas anu
diperyogikeun ku warga Desa Rajadatu, sapertos akses jalan sareng ngabantos
dina widang pemasaran hasil kerajinan/pertanian/ perikanan/ peternakan, sareng
masihan kasempatan kanggo Lingkung Seni tandang makalangan di tingkat Kabupaten
atanapi Provinsi.
Sumangga ka wisatawan anu
panasaran hoyong uninga Desa Wisata Rajadatu sareng ka para investor atanapi
pengusaha anu maksad ngiring ngarojong kamajengan Desa Wisata Rajadatu, diantos
kasumpinganana, namung sateuacan sumping saƩna kontak heula ka no HP/ WA
POKDARWIS 0823 9757 5750.
Helmi Herliana Ketua
Kelompok Sadar Wisata ( Pokdarwis ) Desa Rajadatu masihan katerangan ka Sunda
Midang sakantenan promosi, disarengan ku
AdƩ Farid Rahmatilah ( sekretaris ), sareng Ima Anisa Utami ( bendahara ).
Post a Comment